CARPON (Carita Pondok)



Dina sastra Sunda aya anu ngarana carpon, naon eta carpon teh? CARPON atawa Carita pondok teh nyaeta karangan rekaan (fiksi) anu wangunnana pondok sarta ngan saukur ngasongkeun hiji peristiwa. Carpon umumna nyaritakeun hal-hal anu sipatna realistis, diangkat tina kanyataan. 

 
SAJARAH CARPON
 
Carita pondok asal-muasalna mah tina talari carita lisan anu ngahasilkeun carita-carita kawentar kayaning Iliad sarta Odyssey karya Homer. Carita-carita eta ditepikeun dina wangun puisi anu mibanda wirahma, kalayan wirahma anu mibanda fungsi minangka pakakas pikeun nulungan jalma pikeun nginget caritana. Bagian-bagian singget tina ieu carita teh, dipuseurkeun kana naratif-naratif individu anu bisa ditepikeun dina hiji kasempetan pondok. Sakabéh caritana kakara katémbong saupama sakabéh bagean caritana geus ditepikeun. 

 
CIRI-CIRI CARPON
 
- Bisa rengse dibaca dina sakali mangsa
- Alurna teu kompleks, museur kana hiji kajdian
- Mere kesan lir enya-enya kajadian 

 
UNSUR INTERISTIK CARPON 

- Palaku
- Amanat
- Tema
- Latar
- Galur 

 
UNSUR EKSTERINSIK CARPON 
 
- Nilai-nilai dalam Carita Pondok
- Latar Belakang Kahirupan Pengarang
- Situasi Sosial 

 
TEKNIK NULIS CARITA PONDOK
 
- Tema
- Bahan carita
- Alur
- Tokoh
- Dialog
- Sudut pandang
- Prak-prakan 


CONTOH CARPON (Carita Pondok)



Henteu Ngerjakeun PR


                Aya murid SMK anu ngarana Irfan, Irfan ieu sakola di SMK Negeri 1 Pasundan. Dina poe Minggu dina sore eta Si Irfan ngajak babaturana ulin ka kacamatan, sabab di Kacamatan aya pameran.

“Weuy, urang arulin geuwat ngke peuting ka kacamatan.” Kababaturana nu keur narongkrong di warung.
“Hah, ka kacamatan rek naon ?” Ceuk Akbar babaturan Irfan.
“Jeh, maneh teu apal sugan kapan aya pameran di kacamatan teh.” Ceuk Agung ka Akbar.
“Kumaha erek moal, yeuh ?”
“Hayu atuh. . .” Akbar jeung Agung ngomong ka Irfan.
“Heh mangkat ka dituna iraha ?” Akbar ka Irfan.
“Nya, ngke lah bada Maghrib wae lah, ngabring dina motor.” Ceuk Irfan.
“Oh, nya nggeus atuh ngke geus magrib urang nyampeur ka imah maneh.” Ceuk Akbar ka Irfan.
“Nya, ngke urang oge erek nyampeur ka imah maneh, Irfan” Agung.
“Sipp, ngke urang nungguan maraneh di imah.”

                Saenggeus narongkrong di warung jeung ngobrol kaditu-kadieu Irfan balik ka imahna ti heula, sabab geus burit.

“Hayu, lah urang rek balik tiheula geus burit, can mandi. . .” Ceuk Irfan ka babaturanana.
“Nya, sip ngke urang duaan nyampeur ka imah maneh. . .” Ceuk Agung.

                Sarengsena solat Maghrib maranehanana ngabring naraek motor ka pameran. Ku sabab teu apal waktu, Si Irfan jeung babaturanana ulin nyampe peuting, sabab di pameran eta loba anu jualan sagala rupa maranehanana meuli sagala rupa tina topi nyampe sendal dibeulian. Geus wareg arulin, tuluy maranehanana balik deui ka imahna masing-masing sabab geus jam sabelas peuting.

                Nyampe di imah Si Irfan tuluy bae sare sabab geus tunduh. Isukna Irfan, inget yen manehna can milihan buku jang poe ayeuna jeung can ngerjakeun PR Matematika deui. Akhirna Si Irfan mangkat geuwat mangkat ka sakola rek ngerjakeun PRna di Sakola, sabab harita teh geus beurang, moal kaburu lamun ngerjakeun PR. Jeung harita teh poe Senen, budak Sakola mah sok Upacara heula samemeh diajar teh. Saeunggeus Si Irfan nyampe di Sakola, jeung saenggeus upacara bendera, ayeuna jadwal palajaran bagian pelajaran Matematika anu Guruna nyaeta ku Pak Totot. 

Pak Toto langsung asup ka kelas, tos siap bade ngajar. Sabab Guru Matematika ieu dikenal Guru anu disiplin dina masalah waktu. Didinya Si Irfan jeung babaturanana kakara rek nulis na buku rek ngerjakeun PR, sabab katempo ku Pak Toto, Guru ieu curiga kunaon isuk-isuk guruna can asup geus ngaluarkeun buku na bangku, tara biasana. Terus Si Irfan jeung babaturanana ditanya ku Pak Toto.

“Heh, Irfan, Akbar, Agung keur naraon maraneh? Keur ngerjakeun PR-nya?” Ceuk Pak Toto.
“Henteu Pak.” Ceuk Irfan.
“Ari ieu naon, geuning PR-na kosong keneh? Hayoh ngaraku !” Pak Toto nanya.
“Muhun Pak henteu acan. . .”ceuk Akbar.
“Jeh, PR mah dikerjakeuna di Imah lain di Sakola, kunaon alesana geuning can ngerjakeun PR? Hah?”
“Hilap Pak. . .”Ceuk Agung.
“Naon hilap? Ari maneh teh Pelajar lain?” ceuk Pak Toto nyanya deu ka budak tilu.
“Muhun Pak” Ceuk budak tilu kompak.
“Ari Pelajar tugasna naon?”
“Diajar Pak. . .”Ceuk Irfan nembalan.
“Tah si nyaho Pelajar teh tugasna belajar, naha ari PR teu dikerjakeun. . .?”
Terus Pak Toto mere hukuman ka budak tiluan eta.
“Nggeus lah ayeuna mah maraneh Bapak hukum, lari di lapang basket 30 balik, geuwat !!!

Akhirna Irfan, Agung, jeung Akbar dihukum lari 30 balikan sabab maranehna henteu ngerjakeun PR Matematika.

“Aya deui anu henteu ngerjakeun PR?” Ceuk Pak Toto ka muridna nu aya di kelas.
“Henteu, Pak” Barudak ngajawab kompak.
Saenggeus dipariksa buku murid anu aya dikelas sadaya, anu henteu ngerjakeun PR teh ngan budak tiluan eta bae.
“Nah, bagus teu aya deui nya nu henteu ngerjakeun PR teh, ulah narurutan budak tiluan eta nya…”
“Muhun Pak…”Ngajawab kompak barudak nu aya dikelas.

Sabab era ditempokeun ku Jalma lobaan alias warga sakola maranehanana lumpat bari huluna tarungkul bakat ku era. Saenggeus budak tiluan eta lumpat 30 balikan di lapang basket, maranehanana hah..heh..hoh.. carape’eun….

“Kumaha, cape teu….???”ceuk Pak Toto.
“Cape Pak…..” ceuk Irfan.
Pak Toto terus ngomong, “Ayeuna maraneh kudu berjanji, moal deui-deui ngerjakeun PR di Sakola, dua puluh kali.”
Terus budak tiluan eta karompak nyebutkeun janjina di hareupeun kelas, “Abdi janji moal ngerjakeun PR deui di Sakola.” Terus nyampe ka dua puluh kalian.
“Capean mana lumpat 30 balik jeung ngerjakeun PR???”
“Capean lumpat Pak….” Ceuk Agung bari hah…heh….hoh….
“Atuh naha geuning teu dikerjakeun eta PR na, mun dikerjakeun mah Bapak ge moal nitah lumpat 30 balik ieuh. Ngke mah ulah deui-deui nya, kerjakeun di imah ari PR teh ulah di sakola…!”
“Muhun Pak” Irfan, Akbar, jeung Agung kompak ngajawab. Akhirna maranehanana diajar deui saperti biasa.    

 Carpon diluhur kaasup kana Carpon Rumaja.
 

 

0 komentar:

Posting Komentar

Di blog ini Anda bisa mendapatkan informasi dan artikel-artikel yang mudah-mudahan bisa membantu bagi Anda. Blog ini menggunanakan pemendek alamat/link tunggu hingga 5-10 detik lalu klik 'LEWATI'. TERIMA KASIH TELAH BERKUNJUNG.
 
Copyright 2016 | Ilmu di DuMay (Dunia Maya) All rights reserved.